Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2018

Sajak sunda Di Pajaratan - Élis Érnawati

Di Pajaratan ku: Élis Érnawati Arinyana nu geus mulang ka alam kalanggengan Taneuh beureum jeung tetengger jadi saksi Nu pinasti, sarta amparan kembang rampé Pertanda sungkawa haté Nyorangan, ieung nyorangan Dulur, baraya ukur jajap jeroning teuteup Ukur bisa ceurik balilihan ngiklaskeun anjeun nu mulang (Rup ku padung, rap ku lemah) Ka mana harta jeung tahta nu kungsi jajap pitapak? Ukur boéh bodas jeung keupeulan lemah nu baris marenganana Hawar-hawar sora talqin ngalindeng luhureun paésan Mangsa salaksa du'a dipapatkeun keur anjeun Malar di hampura dosa turta ditarima iman-islam (Tapi patokanan Munkar-Nakir ngan ukur bisa dijawab ku amal soléh nalika di dunya) Pajaratan combrék, sepi jempling Tunggon waktu anu tangtu Ba'da isrofil niup sangkala, tangkorék nu patulayah Baris dihirupkeun deui Tingparentul badis togé karék jadi, ngajanggélék Rupa wanda gumantung amalanna Poé balitungan, di mana manusa merhitungkeun amal soléhna Yaumul Hisab, pas