Sajak sunda Di Pajaratan - Élis Érnawati

Di Pajaratan
ku: Élis Érnawati



Arinyana nu geus mulang ka alam kalanggengan
Taneuh beureum jeung tetengger jadi saksi
Nu pinasti, sarta amparan kembang rampé
Pertanda sungkawa haté

Nyorangan, ieung nyorangan
Dulur, baraya ukur jajap jeroning teuteup
Ukur bisa ceurik balilihan ngiklaskeun anjeun nu mulang

(Rup ku padung, rap ku lemah)

Ka mana harta jeung tahta nu kungsi jajap pitapak?
Ukur boéh bodas jeung keupeulan lemah nu baris marenganana

Hawar-hawar sora talqin ngalindeng luhureun paésan
Mangsa salaksa du'a dipapatkeun keur anjeun
Malar di hampura dosa turta ditarima iman-islam

(Tapi patokanan Munkar-Nakir ngan ukur bisa dijawab ku amal soléh nalika di dunya)

Pajaratan combrék, sepi jempling
Tunggon waktu anu tangtu
Ba'da isrofil niup sangkala, tangkorék nu patulayah
Baris dihirupkeun deui
Tingparentul badis togé karék jadi, ngajanggélék
Rupa wanda gumantung amalanna

Poé balitungan, di mana manusa merhitungkeun amal soléhna
Yaumul Hisab, pasti datangna...

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tarian Buchaechum - Korea

Implementasi Nilai-nilai Trilogi Universitas Nusa Putra dalam Kehidupan Sehari-hari